Kamis, 04 September 2014

TERJEMAH SAFINAH & PENJELASAN (PEMBUKAAN)

BUBUKA
اَلحَمْدُ لِلهِ رَبِّ الْعَا لَمِيْنَ.
وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلىٰ اُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ.
وَصَلَّى اللهُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَا تَمِ النَّبِيِّيْنَ وَ عَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ.
وَ لَاحَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ اِلّا بِا اللهِ الْعَلِىِّ الْعَظِيْمِ.
Bismillaahi: ngawitan abdi ngarang kana ieu kitab bari nyuhunkeun pitulung kalawan nyebat jeuneungan Alloh. (anu sifat na Alloh) Arrohmaani: Dzat anu maparinan nikmat ageung Alloh di dunya ka mukmin jeung ka kafir. (tur anu sifat na Alloh) Arrohiimi: Dzat anu maparinan nikmat alit Alloh di akhirat ka mukmin wungkul. Alhamdu: ari sagala jinis puji. (eta) Lillaahi: anu tetep/ anu tangtu kagungan Alloh. Robbil ‘Aalamin: anu ngurus sadaya alam. Wabihii: sareung ka Alloh wungkul. Nasta’iinu: nyuhunkeun pitulung abdi sadaya. ‘Alaa Umuuriddunyaa: tina mang pirang-pirang urusan dunya. Waddiini: jeung pirang-pirang urusan agama. Wa sholla: sareung mugi-mugi nambih-nambih rohmat. (saha) Alloohu: gusti Alloh. Wassalama: sareung kahormatannana. ‘Alaa Sayyidinaa: ka jungjunan urang sadaya. Muhammadin: teugesna kanjeng Nabi Muhammad. Khootaman: anu janteun panungtung. Nabiyyiina: samudaya para nabi. Wa Aalihii: jeung ka kulawargina kanjeng nabi. Washohbihii:sarta ka para shohabatna kanjeng nabi. Ajma’iina: teugesna sadayana bae. Walaa Hawla: teu aya daya upaya kangge nyingkahan maksiat. Walaa Quwwata: sareung teu aya kakiatan kangge ngalakonan tho’at. Illaa Billaahi: anging ku pitulung na Alloh. (anu sifat na Alloh) al’aliyyi: dzat anu maha luhur. (tur anu sifat na Alloh) al ‘Azhiimi: dzat anu maha agung.
Kasimpulan:
Ngawitan abdi ngaos kana kitab abdi anu iye anu ngaranna kitab safinatun-naja bari ngalap berkah kalawan nyebat pirang-pirang jeuneungan Alloh, dzat anu maparinan nikmat ageung di dunya ka mukmin jeung ka kafir, tur dzat anu maparinan nikmat alit di akhirat ka mukmin wungkul.
Ari sagala jinis puji eta anu tetep/ anu tangtu kagungan Alloh, dzat anu ngurus sadaya alam. Sareung ka Alloh wungkul nyuhunkeun pitulung abdi sadaya tina pirang-pirang urusan agama jeung mang pirang-pirang urusan dunya.
Sareung mugi-mugi nambih-nambih rohmat Alloh tur kahormatannana ka jungjunan urang sadayana kanjeng nabi muhammad anu janteun panungtung samudaya para nabi, oge ka kulawargina, sarta ka para shohabatna sadayana.
Heunteu aya daya upaya kanggo nyingkahan maksiat, sareung teu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at, anging ku pitulung na Alloh, dzat anu maha luhur tur anu maha agung
Bahasan:
Ajeungan mushonif dina kitab anu dianggitna iyeu, dikawitan kalawan maos bismillah, hamdallah, sholawat sareng salam ka kanjeung nabi Muhammad SAW, tah eta tingkah sareng kalakuan teh nandakeun yen ajeungan mushonif kana ngalap berkah ku sabab maosna, bari ngareup-ngareup yen kitab na anu dianggitna sing disampurnakeun ku Alloh tur aya manfa’at kangge manteunna, oge pikeun sadayana muslimin muslimat anu ngaraos kana kitab anggitannana, saterasna ajeungan mushonif maos kana hawqolah, eta nandakeun kana pasrah sumerah na ka Alloh, ti kawit nganggit kitabna, cag dugi ka rengse dina nganggit kitabna.
Maka Ajeungan mushonif ngawitan kana risalahna kalawan bismillah, kulantaran:
  1. Turut tumut kana kitab Alloh Ta’ala, eta bismillah teh mangrupikeun ayat anu kahiji tina surat alfatihah, bagian tina surat an-naml jeung mangrupikeun ayat mustaqillah tina ayat-ayat anu sejenna, tegesna ngajadi pamisah diantara surat, kajabi surat al-baroah, karena eusina surat al-baroah eta eusina nerangkeun tentang perang, seudeungkeun eusina bismillah eta nerangkeun urusan rohmat, atuh heunteu sesuai kana perang.
  2. Turut tumut kana sunnah Rosululloh sholallohu ‘alaihi wa sallam, sakumaha dina sohih al-bukhori ti Abi Sufyan ngeunaan surat baginda sholallohu ‘alaihi wa sallam ka geugeuden negeri Romwai, kitu oge hadits Miswar ngeunaan perjanjian Hudaibiyah. Atanapi hadits anu nyebatkeun : “ “tiap-tiap urusan anu ngabogaan tingkah alus anu heunteu dikawitan ku bismallah eta dihukuman saperti hayawananu potong buntutna, ataa hayawan anu potong leungeunna, atwa saperti hayawan anu euweuh ramoan dina pada heunte sampurnana tegesna dina pada saeutik berkahna”.
  3. Turut tumut kana kabiasaan para Imam dina nalika nganggit kitab jeung risalah, sakumaha anu diungkapkeun ku Ibnu Hajar Al Asqolaniy dina Fathul Bari Syarh Sahih Al Bukhori.
Ari Hukum Maca Bismillah, eta narima kabagi kana lima hukum:
  1. Sunnah, dina sagala urusan anu ngabogaan nilai penting, sakumaha turut tumut kana ajaran tur padameulan Rosul jeung kabiasaan para ulama; pawaris nabi. Ari anu ngawitan nyerat kana kalimat bismillahirrohmanirrohim kalwan lengkap dina permulaan risalah/surat nyaeta nabi Sulaiman ‘alaaihissalam.
  2. Haram, dina nalika rek migawe hiji pagawean anu haram kalawan dzatna, saperti dina nalika rek nginum khomr/inuman anu matak weureu, zina  jsb. Bahkan dihariwangkeun ridona kulantaran ayana mangrupa tingkah ngalelece kana kalimat bissmillah.
  3. Makruh, dina nalika rek migawe kana hiji pagawean anu makruh kalawan dzatna, saperti nalika rek ngudud pikeun golongan anu ngabogaan pendapat makruh, atawa nalika rek ningali farjina bojo.
  4. Wajib, dina nalika nuju sholat, kusabab bismillah eta bagian tina surat al Fatihah mungguh madzhab imam syafi’i.
  5. Mubah, dina nalika rek migawe hiji pagawean anu teu ngabogaan nilai penting, saperti nalika rek mindahkeun Barang jsb.
Numutkeun pendapat anu rojih mah huruf Ba dina kalimat bismillah eta ka asup kana Ba ashliyah maka atuh ngabogaan muta’alaq jeung ma’na. seudeungkeun ma’na Ba mah nyaeta LIL ILSHOQ, tapi anu dikareupkeun didieu mah nyaeta kalawan ma’na isti’anah hartosna nyuhunkeun pitulung ka dzat Alloh, kalawan nyambat jeuneungannana. Ma’na huruf Ba tina sisi isyarat anu terkandung dijerona nyaeta: Alloh ta’ala ngadawuhkeun: “ku kaula tos kajadian perkara anu tos kajadian, ku kaula oge bakalan kajadian perkara anu bakalan kajadian”.
Lafadz ISMU dina kalimat BISMILLAH numutkeun ulama-ulama kota Bashroh (iraq) eta dicokot tina lafadz “SUMWUN” atina luhur, lafadz ISMU teu dihartian salian makna luhur kulantaran ma’na luhur mere ciri Maha Luhurna jeuneungan anu disebutna nyaeta jeuneungan Alloh Ta’ala.
Ari jeuneungan Alloh nyaeta hiji jeuneungan pikeun dzat anu wajib wujudna, dzat anu paling ngahak kana sagala pujian. Ari lafadz Alloh mangrupikeun a’roful-ma’arif ‘alal ithlaq, teugeusna jeunenungan anu paling dikanyahokeun disakabeh tempat jeung waktu, sahingga nalika disebutkeun jeuneungan Alloh, maka akal kahartieun ngeunaan saha Anjeun-Na, Anjeunna-Na eta Alloh Robb sapatala jagat, dzat anu nyiptakeun, dzat anu ngatur, dzat anu maparinan rizqi, sarta Anjeun-Na anu nga-Haq disembah. Dicawiskeun oge yen lafadz Alloh mangrupikeun ismun ‘a-dzom, kulantaran mangrupikeun jeuneungan anu paling seu’eur disebat dina al-qur’an, atawa kulantran satiap jeuneungan anu dating saparantosna marupikeun sifat pikeun anjeun-Na. Sakumaha tos ka uninga ku jalma anu nyuprih elmu, nalika urang iman ka alloh  maka urang netepkeun kana ayana Alloh Ta’ala, maka kanyahokeun yen ayana Alloh Ta’ala eta wajibul wujud li dzatihi, teugeusna teu diheulaan ku euweuh jeung teu ditungtungan ku euweuh, beda jeung makhluk kulantaran ayana makhluk ,ah lain hiji perkara anu wajib jeung lain hiji perkara anu dilarang. Kusabab, lamun mah ayana makh;luk eta mangrupakeun hijji perkara anu wajib maka moal kapiheulaan ku euweuh, euweuhna anu miheulaan kana ayana makhluk eta mangrupikeun cirri/ pituduh yen ayana makhluk eta lain hiji perkara anu wajib, justru mangrupikeun hiji perkara anu jaiz (wenang).jeung lain oge hiji perkara anu dilarang, kulantaran Alloh tos nyiptakeun jeung ngayakeunnana. Maka hiji perkara anu mumtani’ (terlarang) teu dijadikeun/ teu diciptakeun, maka iyeu nuduhkeun yen ayana makhluk mangrupikeun wujudun jaizun (ayana eta mangrupikeun hiji perkara anu wenang), euweuh tos miheulaan makhluk, ka euweuhan bakalan nepungan sakabeh makhluk, kalemahan jeung ka kurangan bakalan nyareungan sakabeh makhluk.
Lafadz “AR-ROHMAN AR-ROHIIM” eta dua sifat Alloh anu dicokot tina lafadz “AR-ROHMAH” hartina anu maparin ka alusan, kadua lafadaz anu kasebat teu diartikeun kalawan harti “AR-ROHMAH” anu hartina kanya’ah tina jero hate anu nimbulkeun mere panghormatan jeung ka alusan kanu dipikanya’ahna, kulantaran kanya’ah timbul tina jero hate maka mustahil pikeun Alloh ta’ala, da Alloh mah teu ngagaduhan hate.
Pangna ajengan mushonif maos Alhamdulillaah, dina anggitan kitabna, kulantaran:
1.    Nuturkeun kana sunatulloh hadits qudsi; “takhollaquu bi akhlaqillah”.
2.    ‘amalan bil-hadtsi; “kullu kalaamin laa yubda-u fiihi bilhamdallahi fahuwa ajdam, ae qoliilan barokah.
Ari bismillah mah ibtidaan haqeqi, sedengkeun ari hamdallah mah ibtidaan idhofi.
Alif Lam anu aya dina lafadz AL-HAMDU eta meunang tilu wajah:
  1. ALIF LAM LIL JINSI MA’NANA AE JINSUL-HAMDI LOGATNA ARI JINIS PUJI.
  2. ALIF LAM LIL ISTIGROQ MA’NANA AE JAMI’UL-HAMDI LOGATNA ARI SAKABEHNA PUJI.
  3. ALIF LAM LIL ‘AHDI MA’NANA AE ALHAMDUL-MA’HUUD LOGATNA ARI PUJI ANU DIKANYAHO
Nyakitu deui LAM anu aya dina lafadz LILLAH oge meunang dijadikeun tilu wajah:
  1. LAM LIL IKHTISHOOSH MA’NANA AE MUKHTASHUN LILLAH LOGATNA ETA ANU TANGTU KAGUNGAN ALLOH.
  2. LAL LIL MILKI MA’NANA AE MAMLUKUN LILLAH LOGATNA ETA ANU KAMILIK KU ALLOH.
  3. LAM LIL ISTIHQOOQ MA’NANA AE MUSTAHIQUN LILLAH LOGATNA ETA ANU KA HAQ KU ALLOH.
Jadi jumlah anu manteusan teh aya salapan wajah, tina hasil perkalian 3 x 3 = 9. Sakumaha dihandap:
Al lil jinsi lam lil ikhtishoos # ae jinsul hamdi mukhtashun lillah.
Al lil jinsi lam lil istihqoq # ae jinsul hamdi mustahiqun lillah.
Al lil jinsi lam lil milki # ae jinsul hamdi mamlukun lillah.
Al lil istighroq lam lil ikhtishoos # ae jamii’ul hamdi mukhtashun lillah.
Al lil istighroq lam lil istihqoq # ae jamii’ul hamdi mustahiqun lillah.
Al lil istighroq lam lil milki # ae jamii’ul hamdi mamlukun lillah
Al lil ‘ahdi lam lil ikhtishoos # ael-hamdul-ma’huud mukhtashun lillah.
Al lil ‘ahdi lam lil istihqoq # ael hamdul-ma’huud mustahiqun lillah.
Al lil ‘ahdi lam lil milki # ael hamdul-ma’huud mamlukun lillah.
Ngan anu sesuai jeung ka ayaan mah nyaeta kudu di dameul AL LIL JINSI LAM LIL IKHTISHOS, maka logatannana ari sagala jinis puji eta anu tetep/ anu tangtu kagungan Alloh. Lamun kieu ma’na logatannana maka ngandung rahasia nyaeta tangtuna/ tetepna sagala anu dipuji eta tina sifat-sifat anu sampurna tur Maha endah pikeun Alloh. Tina anu salapan wajah nembe aya nu kacegah nyaeta dina nalika AL na LIL’AHDI, LAM na LILMILKI. Tapi dihukuman kacegah kulantaran saestuna dzat anu qodim mah tara dipimilik, sabab dzat Alloh jeung sifat Alloh teu sah dipimilik. Beda deui jeung makhluk anu anyar eta mah bisa dipimilik ku sesuatu, maka bisa Al na LIL’AHDI, LAM na LIL MILKI.
Rupa-rupina pujian eta narima ka kumpul dina lima kasimpulan:
  1. Alloh Ta’ala terpuji dina kamandirian dina Rububiyah-Na, anu teu aya rencang pikeun anjeun-Na, jeung terpuji dina tapak-tapak rububiyah-Na di sakabeh makhluk.
  2. Alloh Ta’ala terpuji dina uluhiyah-Na ti sakabeh makhluk-Na, tur mung wungkul Alloh hiji-hijina anu ngahak pikeun disembah bari teu aya ngarencangkeun dina nyembahna.
  3. Alloh Ta’ala terpuji disababkeun pirang-pirang jeuneungan-Na, anu endah tur sifat-sifat-Na anu agung.
  4. Alloh Ta’ala dipuji kusabab syari’at, parentah jeung panyegah-Na.
  5. Alloh Ta’ala terpuji dina katangtua-katangtuan jeung taqdir-Na, sarta sakabeh hal anu berjalan sejeroning sunnah kauniyahna (hukum alam na)
Ari puji teh aya opat, nyaeta:
  1. Puji qodim li qodimin,nyaeta puji qodim kanu qodim saperti wa huwal-‘aliyul ‘adzhiim.
  2. Puji qodim li haditsin, nyaeta puji qodim kanu anyar ( ka makhluk) saperti innalloohashthofa fi aadama wa nuuhan wa aali ibroohiima wa aali ‘imroona ‘alal ‘alamiin (Q.S aali ‘imroon ayat 53). Sahingga nabi adam gaduh titel shofiyullooh hartina pilihan Alloh.
  3. Puji hadits li haditsin,.nyaeta puji nu anyar (makhluk) kanu qodiim, saperti makhluk maca alhamdulillah.
  4. Puji hadits li qodimin, nyaeta puji nu anyar (makhluk) kanu anyar (makhluk) saperti rosululloh masihan gelar ka shodiq ka shohabat sayyidina abuu bakar.
Pangna ajeungan mushonif ngantetkeun keucap hamdallah sareung robbil’aalamiina, kulantaran kecap robbi eta lewih luas ma’nana tinimbang keucap mulku atawa mawla, sabab dina kecap robbi mah diantara hartina nyaeta anu nyiptakeun, anu miboga, anu ngawasa, anu mangeranan.
Ari maosna sholawat ka kanjeung nabi upami dinisbatkeun ka Alloh eta rohmat, pami dinisbatkeun ka malaikat eta istighfar, pami dinisbatkeun ka mu’miniin eta du’a sareung nganyatakeun pujian pikeun kanjeng nabi Muhammad SAW.
Nadzhoman Bubuka
Ari puji nu sampurna eta tetep # kagungan alloh nu ka persifat lengkep.
Mugi tetep ngocor rohmat sareung salam # ka jeng nabi muhammad mustika alam.
Wa ba’duhu ieu anu di nadzhomkeun # kitab fiqih ngarah reusuep ngarapalkeun.
Mugi ieu nadzhom sing manfaat gede # kanu ngaos boh lalaki boh awewe.