Selasa, 10 Mei 2011

kitab safinah terjemah sunda

TERJEMAHAN KITAB SAFINAH AN-NAJAH
SAFINAH AN-NAJAH 
KARANGAN SYAIKH SALIM BIN SAMIR HADROMI
MADZHAB SYAFI’I

BUBUKA
Bismillaahi : ngawaitan abdi ngaos kana ieu kitab bari ngalap berkah kalawan nyeubat pirang-pirang jeuneungan gusti alloh.
(anu sifat na gusti Alloh) Arrohmaani : anu maparinan nikmat ageung alloh di dunya ka mukmin jeung ka kafir.
(tur anu sifat na gusti Alloh) Arrohiimi : anu maparinan nikmat alit alloh di akhirat ka mukmin wungkul.
Alhamdu: ari sagala jinis puji eta tetep.
Lillaahi: khusus pikeun gusti Alloh
Robbil ‘Aalamin: anu ngurus sadaya alam.
Wabihii: sareung ka gusti Alloh wungkul.
Nasta’iinu: nyuhunkeun pitulung abdi sadaya.
‘Alaa Umuuriddunyaa: kana mang pirang-pirang urusan dunya
Waddiini: jeung pirang-pirang urusan agama.
Washollallaahu: sareung mugi-mugi nambih-nambih rohmat gusti Alloh.
Wassalalama: sareung kasalameutan.
‘Alaa Sayyidinaa: ka jungjunan urang sadaya.
Muhammadin: teuges na kanjeng nabi muhammad.
Khootaman: anu janteun panungtung.
Nabiyyiina: samudaya para nabi.
Wa Aalihii: jeung ka kulawargina kanjeng nabi.
Washohbihii: jeung ka para shohabatna kanjeng nabi.
Ajma’iina: teugesna sadayana bae.
Walaa Hawla: teu aya data upaya kanggo nyingkahan maksiat.
Walaa Quwwata: sareung teu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at.
Illaa Billaahi: anging ku pitulung na gusti Alloh.
(anu sifat na gusti Alloh) al’aliyyi: anu maha luhur
(tur anu sifat na gusti Alloh) al ‘Azhiimi: anu maha agung.
FASHLUN : ARI IEU ETA HIJI FASAL
Arkaanul Islaami: ari pirang-pirang rukun islam (eta).
Khomsatun :aya lima.
Syahaadatu An Laa Ilaaha: kahiji nyaksikeun yen saeunya-eunya na teu aya pangeran anu wajib di ibadahan.
Illallaahu: anging ka gusti Alloh.
Wa Annna Muhammadan Rosuulullaahi: sareung nyaksikeun yen saeunya-eunya na kanjeng nabi Muhammad eta utusan Alloh.
Wa Iqoomushsholaati: jeung ka dua na ngadeugkeun sholat.
Wa Iitaauzzakaati: jeung ka tilu na nyumponan zakat.
Wa Shoumu Romadhoona: jeung ka opat na puasa di bulan romadhon.
Wa Hijjul Baiti: jeung ka lima na munggah haji ka baetulloh.
Man: ka jalma.
Istithoo’a:anu kawasa.
Ilaihi: kana mumnggah haji (naon).
Sabiilan: di jalan na. .
QOOLA ALFAQIIH FI NADZHIMIHI:
Ari puji nu sampurna eta tetep # kagungan alloh nu ka persifat lengkep.
Rohmat alloh mugi tetp sareung salam # di jeng nabi muhammad mustika alam.
Wa ba’duhu ieu anu di nadzhomkeun # kitab fiqih ngarah reusuep ngarapalkeun.
Mugi ieu nadzhom sing manfaat gede # kanu ngaos ka lalaki ka awewe.
FASAL MEURTELAKUEN RUKUN ISLAM.
Ari rukun islam eta aya lima na # pek arapalkeun tong poho salilana.
Rukun nu ka hiji maca syahadat na # rukun nu kadua ngadeugkeun sholat na.
Rukun nu ka tilu nyumponan zakat na # rukun nu ka opat puasa romadhon na.
Rukun nu ka lima munggah haji na # sinareung umroh ka baetulloh na.
Pikeun jalma nu kawasa di jalan na # tah ieu teh sakabeh rukun islam na.

5 komentar:

PENDI AGUS mengatakan...

sae pisan, nyuhunkeun widi maos sareng nyalin... hatur nuhun...

padepokan nurut tauhid mengatakan...

mangga... kang
hatur nuhun sateuacanna...
barokallohu lii wa lakum..

Unknown mengatakan...

kalintang saena pami lengkap, manawi aya versi anu lengkapna hoyong pisan kange ngalap elmu nu manfaat..

M mengatakan...

Reueus pisan, manawi rido galih kanggo ngalajengkeun ieu seratan, insya Allah ngalir kasaean dugi ka yaumil jazaa,,

Unknown mengatakan...

Nyuhunkeun ridhona kangge nyalin......Htur nuhun