BUBUKA
اَلحَمْدُ
لِلهِ رَبِّ الْعَا لَمِيْنَ.
وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ
عَلىٰ اُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ.
وَصَلَّى
اللهُ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَا تَمِ النَّبِيِّيْنَ وَ عَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ
اَجْمَعِيْنَ.
وَ لَاحَوْلَ
وَلاَ قُوَّةَ اِلّا بِا اللهِ الْعَلِىِّ الْعَظِيْمِ.
Bismillaahi: ngawitan
abdi ngarang kana ieu kitab bari nyuhunkeun pitulung kalawan nyebat jeuneungan Alloh.
(anu sifat na Alloh) Arrohmaani: Dzat anu maparinan nikmat ageung Alloh di dunya ka mukmin jeung ka kafir.
(tur anu sifat na Alloh)
Arrohiimi: Dzat anu maparinan nikmat alit Alloh di akhirat ka mukmin wungkul.
Alhamdu: ari sagala
jinis puji. (eta) Lillaahi: anu tetep/ anu tangtu
kagungan Alloh. Robbil ‘Aalamin:
anu ngurus sadaya alam. Wabihii: sareung ka Alloh wungkul.
Nasta’iinu: nyuhunkeun
pitulung abdi sadaya. ‘Alaa Umuuriddunyaa: tina
mang pirang-pirang
urusan dunya. Waddiini: jeung pirang-pirang urusan agama.
Wa
sholla: sareung
mugi-mugi nambih-nambih rohmat. (saha) Alloohu: gusti Alloh. Wassalama: sareung kahormatannana. ‘Alaa Sayyidinaa: ka jungjunan urang sadaya.
Muhammadin: teugesna
kanjeng Nabi Muhammad. Khootaman: anu janteun panungtung.
Nabiyyiina: samudaya
para nabi. Wa Aalihii: jeung ka kulawargina kanjeng nabi.
Washohbihii:sarta ka para shohabatna kanjeng nabi.
Ajma’iina: teugesna
sadayana bae. Walaa Hawla: teu aya daya upaya kangge nyingkahan maksiat. Walaa Quwwata: sareung teu aya kakiatan kangge ngalakonan tho’at. Illaa Billaahi: anging ku pitulung na Alloh.
(anu sifat na Alloh) al’aliyyi:
dzat anu maha luhur. (tur anu sifat na Alloh) al ‘Azhiimi:
dzat anu maha agung.
Kasimpulan:
Ngawitan abdi ngaos kana
kitab abdi anu iye anu ngaranna kitab safinatun-naja bari ngalap berkah kalawan
nyebat pirang-pirang jeuneungan Alloh, dzat anu maparinan nikmat ageung di
dunya ka mukmin jeung ka kafir, tur dzat anu maparinan nikmat alit di akhirat
ka mukmin wungkul.
Ari sagala jinis puji eta anu tetep/ anu tangtu
kagungan Alloh, dzat anu ngurus sadaya
alam.
Sareung ka Alloh wungkul nyuhunkeun pitulung abdi sadaya
tina pirang-pirang urusan agama
jeung mang pirang-pirang urusan dunya.
Sareung
mugi-mugi nambih-nambih rohmat Alloh tur
kahormatannana ka jungjunan urang
sadayana kanjeng nabi muhammad anu janteun panungtung samudaya para nabi, oge ka kulawargina, sarta ka para shohabatna sadayana.
Heunteu aya daya upaya kanggo nyingkahan maksiat, sareung teu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at, anging ku pitulung na Alloh, dzat anu maha luhur tur anu maha agung
Bahasan:
Ajeungan mushonif dina kitab anu dianggitna
iyeu, dikawitan kalawan maos bismillah, hamdallah, sholawat sareng salam ka
kanjeung nabi Muhammad SAW, tah eta tingkah sareng kalakuan teh nandakeun yen
ajeungan mushonif kana ngalap berkah ku sabab maosna, bari ngareup-ngareup yen
kitab na anu dianggitna sing disampurnakeun ku Alloh tur aya manfa’at kangge
manteunna, oge pikeun sadayana muslimin muslimat anu ngaraos kana kitab
anggitannana, saterasna ajeungan mushonif maos kana hawqolah, eta nandakeun
kana pasrah sumerah na ka Alloh, ti kawit nganggit kitabna, cag dugi ka rengse
dina nganggit kitabna.
Maka Ajeungan mushonif ngawitan kana
risalahna kalawan bismillah, kulantaran:
- Turut tumut kana
kitab Alloh Ta’ala, eta bismillah teh mangrupikeun ayat anu kahiji tina
surat alfatihah, bagian tina surat an-naml jeung mangrupikeun ayat
mustaqillah tina ayat-ayat anu sejenna, tegesna ngajadi pamisah diantara
surat, kajabi surat al-baroah, karena eusina surat al-baroah eta eusina nerangkeun
tentang perang, seudeungkeun eusina bismillah eta nerangkeun urusan
rohmat, atuh heunteu sesuai kana perang.
- Turut tumut kana
sunnah Rosululloh sholallohu ‘alaihi wa sallam, sakumaha dina sohih
al-bukhori ti Abi Sufyan ngeunaan surat baginda sholallohu ‘alaihi wa
sallam ka geugeuden negeri Romwai, kitu oge hadits Miswar ngeunaan
perjanjian Hudaibiyah. Atanapi hadits anu nyebatkeun : “ “tiap-tiap urusan
anu ngabogaan tingkah alus anu heunteu dikawitan ku bismallah eta
dihukuman saperti hayawananu potong buntutna, ataa hayawan anu potong
leungeunna, atwa saperti hayawan anu euweuh ramoan dina pada heunte
sampurnana tegesna dina pada saeutik berkahna”.
- Turut tumut kana
kabiasaan para Imam dina nalika nganggit kitab jeung risalah, sakumaha anu
diungkapkeun ku Ibnu Hajar Al Asqolaniy dina Fathul Bari Syarh Sahih Al
Bukhori.
Ari Hukum Maca Bismillah, eta narima kabagi
kana lima hukum:
- Sunnah, dina
sagala urusan anu ngabogaan nilai penting, sakumaha turut tumut kana
ajaran tur padameulan Rosul jeung kabiasaan para ulama; pawaris nabi. Ari
anu ngawitan nyerat kana kalimat bismillahirrohmanirrohim kalwan lengkap
dina permulaan risalah/surat nyaeta nabi Sulaiman ‘alaaihissalam.
- Haram, dina
nalika rek migawe hiji pagawean anu haram kalawan dzatna, saperti dina
nalika rek nginum khomr/inuman anu matak weureu, zina jsb. Bahkan dihariwangkeun ridona
kulantaran ayana mangrupa tingkah ngalelece kana kalimat bissmillah.
- Makruh, dina
nalika rek migawe kana hiji pagawean anu makruh kalawan dzatna, saperti
nalika rek ngudud pikeun golongan anu ngabogaan pendapat makruh, atawa
nalika rek ningali farjina bojo.
- Wajib, dina
nalika nuju sholat, kusabab bismillah eta bagian tina surat al Fatihah
mungguh madzhab imam syafi’i.
- Mubah, dina
nalika rek migawe hiji pagawean anu teu ngabogaan nilai penting, saperti
nalika rek mindahkeun Barang jsb.
Numutkeun pendapat anu rojih mah huruf Ba
dina kalimat bismillah eta ka asup kana Ba ashliyah maka atuh ngabogaan
muta’alaq jeung ma’na. seudeungkeun ma’na Ba mah nyaeta LIL ILSHOQ, tapi anu
dikareupkeun didieu mah nyaeta kalawan ma’na isti’anah hartosna nyuhunkeun
pitulung ka dzat Alloh, kalawan nyambat jeuneungannana. Ma’na huruf Ba tina
sisi isyarat anu terkandung dijerona nyaeta: Alloh ta’ala ngadawuhkeun: “ku
kaula tos kajadian perkara anu tos kajadian, ku kaula oge bakalan kajadian
perkara anu bakalan kajadian”.
Lafadz ISMU dina kalimat BISMILLAH numutkeun
ulama-ulama kota Bashroh (iraq) eta dicokot tina lafadz “SUMWUN” atina luhur,
lafadz ISMU teu dihartian salian makna luhur kulantaran ma’na luhur mere ciri
Maha Luhurna jeuneungan anu disebutna nyaeta jeuneungan Alloh Ta’ala.
Ari jeuneungan Alloh nyaeta hiji jeuneungan
pikeun dzat anu wajib wujudna, dzat anu paling ngahak kana sagala pujian. Ari lafadz
Alloh mangrupikeun a’roful-ma’arif ‘alal ithlaq, teugeusna jeunenungan anu
paling dikanyahokeun disakabeh tempat jeung waktu, sahingga nalika disebutkeun
jeuneungan Alloh, maka akal kahartieun ngeunaan saha Anjeun-Na, Anjeunna-Na eta
Alloh Robb sapatala jagat, dzat anu nyiptakeun, dzat anu ngatur, dzat anu
maparinan rizqi, sarta Anjeun-Na anu nga-Haq disembah. Dicawiskeun oge yen
lafadz Alloh mangrupikeun ismun ‘a-dzom, kulantaran mangrupikeun jeuneungan anu
paling seu’eur disebat dina al-qur’an, atawa kulantran satiap jeuneungan anu
dating saparantosna marupikeun sifat pikeun anjeun-Na. Sakumaha tos ka uninga
ku jalma anu nyuprih elmu, nalika urang iman ka alloh maka urang netepkeun kana ayana Alloh Ta’ala,
maka kanyahokeun yen ayana Alloh Ta’ala eta wajibul wujud li dzatihi, teugeusna
teu diheulaan ku euweuh jeung teu ditungtungan ku euweuh, beda jeung makhluk
kulantaran ayana makhluk ,ah lain hiji perkara anu wajib jeung lain hiji
perkara anu dilarang. Kusabab, lamun mah ayana makh;luk eta mangrupakeun hijji
perkara anu wajib maka moal kapiheulaan ku euweuh, euweuhna anu miheulaan kana
ayana makhluk eta mangrupikeun cirri/ pituduh yen ayana makhluk eta lain hiji
perkara anu wajib, justru mangrupikeun hiji perkara anu jaiz (wenang).jeung
lain oge hiji perkara anu dilarang, kulantaran Alloh tos nyiptakeun jeung
ngayakeunnana. Maka hiji perkara anu mumtani’ (terlarang) teu dijadikeun/ teu
diciptakeun, maka iyeu nuduhkeun yen ayana makhluk mangrupikeun wujudun jaizun
(ayana eta mangrupikeun hiji perkara anu wenang), euweuh tos miheulaan makhluk,
ka euweuhan bakalan nepungan sakabeh makhluk, kalemahan jeung ka kurangan
bakalan nyareungan sakabeh makhluk.
Lafadz “AR-ROHMAN AR-ROHIIM” eta dua sifat
Alloh anu dicokot tina lafadz “AR-ROHMAH” hartina anu maparin ka alusan, kadua
lafadaz anu kasebat teu diartikeun kalawan harti “AR-ROHMAH” anu hartina kanya’ah
tina jero hate anu nimbulkeun mere panghormatan jeung ka alusan kanu dipikanya’ahna,
kulantaran kanya’ah timbul tina jero hate maka mustahil pikeun Alloh ta’ala, da
Alloh mah teu ngagaduhan hate.
Pangna ajengan mushonif maos Alhamdulillaah, dina
anggitan kitabna, kulantaran:
1.
Nuturkeun kana
sunatulloh hadits qudsi; “takhollaquu bi akhlaqillah”.
2.
‘amalan bil-hadtsi; “kullu
kalaamin laa yubda-u fiihi bilhamdallahi fahuwa ajdam, ae qoliilan barokah.
Ari bismillah mah ibtidaan haqeqi, sedengkeun ari
hamdallah mah ibtidaan idhofi.
Alif Lam anu aya dina lafadz AL-HAMDU eta meunang tilu
wajah:
- ALIF LAM LIL
JINSI MA’NANA AE JINSUL-HAMDI LOGATNA ARI JINIS PUJI.
- ALIF LAM LIL
ISTIGROQ MA’NANA AE JAMI’UL-HAMDI LOGATNA ARI SAKABEHNA PUJI.
- ALIF LAM LIL ‘AHDI
MA’NANA AE ALHAMDUL-MA’HUUD LOGATNA ARI PUJI ANU DIKANYAHO
Nyakitu deui LAM anu aya dina lafadz LILLAH oge meunang
dijadikeun tilu wajah:
- LAM LIL
IKHTISHOOSH MA’NANA AE MUKHTASHUN LILLAH LOGATNA ETA ANU TANGTU KAGUNGAN
ALLOH.
- LAL LIL MILKI MA’NANA
AE MAMLUKUN LILLAH LOGATNA ETA ANU KAMILIK KU ALLOH.
- LAM LIL
ISTIHQOOQ MA’NANA AE MUSTAHIQUN LILLAH LOGATNA ETA ANU KA HAQ KU ALLOH.
Jadi jumlah anu manteusan teh aya salapan wajah, tina
hasil perkalian 3 x 3 = 9. Sakumaha dihandap:
Al lil jinsi lam lil ikhtishoos # ae jinsul hamdi
mukhtashun lillah.
Al lil jinsi lam lil istihqoq # ae jinsul hamdi
mustahiqun lillah.
Al lil jinsi lam lil milki # ae jinsul hamdi mamlukun
lillah.
Al lil istighroq lam lil ikhtishoos # ae jamii’ul hamdi
mukhtashun lillah.
Al lil istighroq lam lil istihqoq # ae jamii’ul hamdi
mustahiqun lillah.
Al lil istighroq lam lil milki # ae jamii’ul hamdi
mamlukun lillah
Al lil ‘ahdi lam lil ikhtishoos # ael-hamdul-ma’huud
mukhtashun lillah.
Al lil ‘ahdi lam lil istihqoq # ael hamdul-ma’huud
mustahiqun lillah.
Al lil ‘ahdi lam lil milki # ael hamdul-ma’huud mamlukun
lillah.
Ngan anu sesuai jeung ka ayaan mah nyaeta kudu di dameul AL
LIL JINSI LAM LIL IKHTISHOS, maka logatannana ari sagala jinis puji eta anu tetep/
anu tangtu kagungan Alloh. Lamun kieu ma’na logatannana maka ngandung rahasia
nyaeta tangtuna/ tetepna sagala anu dipuji eta tina sifat-sifat anu sampurna
tur Maha endah pikeun Alloh. Tina anu salapan wajah nembe aya nu kacegah nyaeta
dina nalika AL na LIL’AHDI, LAM na LILMILKI. Tapi dihukuman kacegah kulantaran saestuna
dzat anu qodim mah tara dipimilik, sabab dzat Alloh jeung sifat Alloh teu sah
dipimilik. Beda deui jeung makhluk anu anyar eta mah bisa dipimilik ku sesuatu,
maka bisa Al na LIL’AHDI, LAM na LIL MILKI.
Rupa-rupina pujian eta narima ka kumpul dina
lima kasimpulan:
- Alloh Ta’ala
terpuji dina kamandirian dina Rububiyah-Na, anu teu aya rencang pikeun
anjeun-Na, jeung terpuji dina tapak-tapak rububiyah-Na di sakabeh makhluk.
- Alloh Ta’ala
terpuji dina uluhiyah-Na ti sakabeh makhluk-Na, tur mung wungkul Alloh
hiji-hijina anu ngahak pikeun disembah bari teu aya ngarencangkeun dina nyembahna.
- Alloh Ta’ala
terpuji disababkeun pirang-pirang jeuneungan-Na, anu endah tur
sifat-sifat-Na anu agung.
- Alloh Ta’ala dipuji
kusabab syari’at, parentah jeung panyegah-Na.
- Alloh Ta’ala
terpuji dina katangtua-katangtuan jeung taqdir-Na, sarta sakabeh hal anu
berjalan sejeroning sunnah kauniyahna (hukum alam na)
Ari puji teh aya opat, nyaeta:
- Puji qodim li
qodimin,nyaeta puji qodim kanu qodim saperti wa huwal-‘aliyul ‘adzhiim.
- Puji qodim li
haditsin, nyaeta puji qodim kanu anyar ( ka makhluk) saperti
innalloohashthofa fi aadama wa nuuhan wa aali ibroohiima wa aali ‘imroona ‘alal
‘alamiin (Q.S aali ‘imroon ayat 53). Sahingga nabi adam gaduh titel
shofiyullooh hartina pilihan Alloh.
- Puji hadits li
haditsin,.nyaeta puji nu anyar (makhluk) kanu qodiim, saperti makhluk maca
alhamdulillah.
- Puji hadits li
qodimin, nyaeta puji nu anyar (makhluk) kanu anyar (makhluk) saperti
rosululloh masihan gelar ka shodiq ka shohabat sayyidina abuu bakar.
Pangna ajeungan mushonif ngantetkeun keucap hamdallah
sareung robbil’aalamiina, kulantaran kecap robbi eta lewih luas ma’nana
tinimbang keucap mulku atawa mawla, sabab dina kecap robbi mah diantara hartina
nyaeta anu nyiptakeun, anu miboga, anu ngawasa, anu mangeranan.
Ari maosna sholawat ka kanjeung nabi upami dinisbatkeun
ka Alloh eta rohmat, pami dinisbatkeun ka malaikat eta istighfar, pami
dinisbatkeun ka mu’miniin eta du’a sareung nganyatakeun pujian pikeun kanjeng
nabi Muhammad SAW.
Nadzhoman
Bubuka
Ari puji nu sampurna eta tetep # kagungan
alloh nu ka persifat lengkep.
Mugi
tetep ngocor rohmat sareung salam # ka jeng nabi muhammad mustika alam.
Wa ba’duhu ieu anu di nadzhomkeun # kitab
fiqih ngarah reusuep ngarapalkeun.
Mugi ieu nadzhom sing manfaat gede # kanu
ngaos boh lalaki boh awewe.