Sabtu, 30 Agustus 2014

CACARAKAN KITAB 73 GOLONGAN (KITAB MIKHROJUL QURBI)

 



S : naha aya sabaraha ari rukun agama?
J : ari Rukun agama eta aya tilu.
nyaeta:
Ka hiji na Iman
Ka dua na Islam
Ka tilu na Ihsan
S : naon ari ngaran iman?
J : ari ngaran iman nyaeta :
TASDIQUL QOLBI BIMAA JA A BIHINNABIYYU SHOLLALLOHU ‘ALAIHI WASALLAM.
Hartosna : ngaku jeung narima ku hate kana perkara-perkara anu didugikeun ku jungjunan urang sadaya kangjeng nabi Muhammad SAW
S : naon ari ngaran islam?
J : ari ngaran islam nyaeta :
AL HUDU’ WAL INQIYADU LIMAA UKHBIROR-ROSUULULLOOHI SHOLLALLOOHU ‘ALAIHI WASSALLAMA.
Hartosna : rendah diri jeung turut kana perkara-perkara anu didugikeun ti r rosuulullooh shollalloohu ‘alaihi wassallam.
S : naon ari ngaran ihsan?
J : ari ngaran ihsan nyaeta :
ANTA’BUDALLOHA KA ANNAKA TAROOHU FAIN LAM TAKUN TAROOHU FAINNAHU YAROOKA
Hartosna : ibadah anjeun ka alloh kaya-kaya ningali anjeun ka alloh, tuluy lamun teu bukti anjeun ningali ka alloh maka saeunya-eunyana alloh eta ningali ka anjeun. (Dina harti heunte boga rasa kaleungitan rasa di uninga ku gusti Alloh na.)
S : naha aya sabaraha ari syarat-syarat na iman?
J : ari syarat-syarat na iman eta aya opat.
nyaeta :
Ka hiji Ma’rifat,
Ka dua Iddi’an, tegesna ngaku ku hate. ₍₁₎
Ka tilu Qobuul, tegesna narima ku hate kana perkara-perkara anu didugikeun ku jungjunan urang sadaya kangjeng nabi Muhammad SAW. ₍₁₎
Ka opat Iqror Dua Kalimah Syahadat Ku Lisan. ₍₂₎
₍₁₎. Ari Iddian Sareng Qobul Eta Ngaranna Tasdiq. Tah saba’da tasdiq perlu nganyahokeun seghat tasdiq nyaeta RODHIITU BILLAHI ROBBAAN WA BIL ISLAMI DIINAAN WA BI MUHAMMADIN NABIYYAAN WA ROSUULAAN WA BIL QURAANI IMAAMAAN WABIL MU,MINIINA IKHWANAN. Hartosna ridho abdi ka gusti alloh, abdi mangeran. Jeung kana agama islam abdi beragama,. Sareung ka kanjeung nabi Muhammad abdi nganabi sareng ngarosul. Sareung kana alqur’an dipake pedoman. Sareung ka jalma mu’min abdi duduluran.
₍₂₎. Saba’da tasdiq teras ngucap kana dua kalimah syahadat ka payuneun guru nu bisa menerkeun kitu so teh .lamun kafir tadina, lamun islam cukup dina keur sholat tapi tetep syahadat ngamimitian kudu boga guru nu bisa menerkeun. Tah ngucapkeun dua kalimah syahadat teh jadi syarat kana iman na jeung islam na jalma, kitu oge lamun dibeunerkeun ku hate. Maka lamun ngomong wungkul bari heunteu dibarengan kalawan hate maka eta masih cilaka sok disebut muslim ghoer munjin. Nyakitu oge lamun dibeunerkeun ku hate wungkul bari heunteu dibarengan kalawan lisan maka eta oge tetep cilaka nyaeta disebut mu’min ghoer munjin.
S : naon ari ngaran ma’rifat teh?
J : ari ngaran ma’rifat nyaeta :
IDROOKUN JAAZIMUN BIHAETSU LAESA MA’AHU TARODDUDUN MUWAAFIQUN LIMAA FIL WAAQI’I NAASYIUN ‘AN DALILIN.
Hartos na : pangarti anu pasti nu teu kena ku owah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan.
S : naha pangarti nu kumaha anu akur jeung bukti na Alloh?
J : nyaeta pangarti hate anu akur jeung pendapat imam abu hasan asy-‘ari jeung imam abu manshur almaturidi, nyaeta anu neteupkeun ka Alloh ka sifatan ku sifat 20 anu wajib na, 20 anu mustahil na, jeung hiji anu wenang na, anu di kumpulkeun dina ucapan:
Ieu sifat 20 anu wajib na
WUJUD QIDAM BAQO # MUKHOLAFATU LIL HAWADITSI
QIYA MUHU BI NAFSIHI # WAHDANIYAT QUDROT IRODAT
‘ILMU HAYAT SAMA’ # BASHOR KALAM QOODIROON MURIDAN
‘ALIMAN HAYYAN # SAMI’AN BASHIROON MUTAKALLIMAAN
Ieu sifat 20 anu mustahil na
‘ADAM HUDUTS FANA # MUMATSALAH LIL HAWADITSI
IHTIYAJ TA’ADUD # ‘AJAZAH KAROHAH
JAAHIL MAOT ASHOM # A ‘MA BAKAM ‘AJIZAN
KAARIHAN JAAHILAN # MAYYITAN ASHOMA‘UMYAAN BUKMAAN
Ieu sifat hiji anu wenang na
ARI SIFAT ANU WEUNANG # DI GUSTI ALLOH SING TEURANG
NYATANA FI’LU MUMKININ # REUJEUNG WA TARKU MUMKININ

S : naon ari faedah na iman?
J : ari faedah na iman nyaeta :
AL KHULUUDU FIIL JANNAH
Hartosna : langgeung di surga.
Tah eta sadayana anu tos di tetepkeun ku ‘ulama ahli sunnah wal jama’ah.
S : naha ‘ulama nu kumaha anu di sebut ‘ulama ahli sunnah wal jama’ah teh?
J : nyaeta ‘ulama anu netepkeun dasar hukum syara’ na tina qur’an, tina hadits, tina ijma’₍₃₎ jeung qiyas mu’tabar₍₄₎
S : Naha ‘ulama anu pangkat kumaha anu bisa netepkeun dasar hukum syara’ na tina qur’an, tina hadits, tina ijma’ jeung qiyas mu’tabar?
J : nyaeta ‘ulama anu pangkat mujtahid
S : naha aya sabaraha ‘ulama anu pangkat mujtahid teh?
J : ari ‘ulama anu pangkat mujtahid eta seu.eur, ngan anu beunang di ikuti eta aya opat, nyaeta :
Ka hiji Imam Hanafi
Ka dua Imam Maliki
Ka tilu Imam Syafi’i
Ka opat Imam Ahmad Hambali
S : naha ari tata cara beragama ahli sunnah wal jama’ah teh turut ka saha?
J : eta turut ka kanjeung nabi Muhammad SAW,
Ngan dina tatacara turutna ka kanjeung nabi dina iman eta mengikuti faham imam abu hasan asy-‘ari jeung imam abu manshur almaturidi,
Dina hukum islam na mengikuti faham salah sahiji imam madzhab anu opat.
Dina ihsan na mengikuti faham imam abu qosim junaedi al bagdadi, jeung imam ghozali, jeung imam sayyid abdulloh ‘alawi al hadad
₍₃₎ ari ngaran Ijma’ ceuk lughot nyaeta kesepakatan. Ari ngaran Ijma’ ceuk istilah nyaeta kesepakatan sakabeh mujtahid umat Muhammad SAW dina pendapat, saparantos wafatna kanjeng nabi, tina tiap masa kamasa dina pirang-pirang masalah (hukum).
Numutkeun sadaya ‘ulama yen ijma’ eta bias dijadikeun hujjah (dasar), sakumaha hadits anu diriwayatkeun Tirmidzi ti ibnu umar ra:
LAA TAJTAMI’U UMMATII ‘ALADH-DHOLAALATI WAYADULLOHI ‘ALAL JAMAA’ATI
Anu hartosna: “ummat kaula moal bakalan sapakat dina kasesatan, tur ari pitulungna alloh eta aya dina kasapakatan (jama’ah)” HR THOBRONI
Ijma’ teh dinilai sah ku ucapan tur perkara anu dilakonan ku mujtahid ummat, atau ku ucapan tur perkara anu dilakonan ku sawarehna aranjeunna tuluy hal eta kasebar jeung sabagian anu lain jeumpe, mangka anu saperti iyeu dingaranan ijma’ sukuti.
₍₄₎. Qiyas eta meunang dijadikeun hujjah (dasar) sakumaha dawuhan alloh dina alqur’an:
FA’TABIRUU YAAULIL ABSHOORI (Q.S AL-HASR : 2).Anu hartosna wallohu ‘alam. Sakuduna aranjeun nyokot I’tibar (perbandingan) hei jalma-jalma anu boga fikiran. (Q.S AL-HASR : 2).
Ari qiyas ceuk lughot nyaeta ngukur hiji perkara kanu sejenna supaya bisa kanyahoan anu saruana. Ari ngaran qiyas ceuk istilah nyaeta nga analogikeun hukum cabang kana pokok na (asalna), kusabab ayana aleusan anu ngahijikeun dina hiji hukum, saperti nyaruakeun hukum pare reujeung gandum dina masalah riba jeung dina sakabeh rupa kadaharan.
Rukun-rukun qiyas :
Ka hiji al-ashlu (pokok) nyaeta anu digunakeun pikeun ngiyas atawa jadi ukuran
Ka dua al-far’u (cabang) nyaeta perkara anu diqiyaskeun (diukur)
Ka tilu hukmu al-ashli (hukum asal) nyaeta anu ditetepkeun dina cang saba’da tetepna dina asal
Ka opat ‘illat (aleusan) nyaeta anu jadi dasar sasaruaan antara hokum cabang reujeung hokum pokok.
S : naha aya sabaraha ari golongan dina agama islam?
J : ari golongan dina agama islam eta aya tujuh puluh tilu golongan, anu tujuh puluh dua golongan cilaka kabeh iwal hiji golongan anu salamet nyaeta golongan ahlus-sunnah wal-jama’ah
S : naon hiji-hiji na golongan dina agama islam?
J : nyaeta :
Ka hiji qoum syi’ah aya 22 golongan.
Ka dua qoum khowarij aya 20 golongan.
Ka tilu qoum mu’tazilah aya 20 golongan.
ka opat qoum murji’ah aya 5 golongan.
ka lima qoum najariyah aya 3 golongan.
ka genep qoum jabariyah aya 1 golongan.
Ka tujuh qoum musyabbihah aya 1 golongan
Jadi jumlah aya tujuh puluh dua golongan, ditambah hiji golongan nyaeta fahaman ahlus-sunnah wal-jama’ah maka atuh jumlah sadayana aya tujuh puluh tilu golongan, anu sakumaha didawuhkeun ku kanjeung Nabi Muhammmad S.A.W dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Turmudzi.
S: naon ari ngarana kaum syi’ah teh?
J: nyaeta :
kaum anu ngagung-agungkeun Sayyidina Ali Karomallohu wajhah, maranehana teu ngaku kholifah Rasyidin anu sejen saperti Kholifah Sayyidina Abu Bakar, Sayidina Umar jeung Sayyidina Usman bahkan mikangewana. Kaum iyeu di sulut ku Abdullah bin Saba, hiji pendeta yahudi ti Yaman anu asup islam.
S: naon ari ngarana kaum khowarij teh?
J: nyaeta :
kaum anu banget mikangewa ka Sayyidina Ali Karomallohu wajhah, bahkan eta kaum ngafirkeun Sayyidina Ali Karomallohu wajhah. Salah sahiji ajaranna saha jalma anu ngalakukeun dosa gede mangka di anggap kafir.
S: naon ari ngarana kaum mu’tazilah teh?
J: nyaeta :
kaum anu ngagungkeun akal pikiran jeung bersifat filosofis, golongan iyeu dicetuskan ku Washil bin Atho (700-750 M) salah sahiji murid Hasan Al Basri.iyeu kaum boga faham yen alloh teu boga shifat, yen manusia anu nyieun kana pagaweanana sorangan, yen alloh moal bisa ditingal ku mata di syurga, yen jalma anu migawe dosa gede dilsimpeun diantara dua tempat tegesna faseq, jeung yen mi’rajna kanjeng Nabi Muhammad S.A.W kalawan ruh na wungkul, jeung fahaman nu sanesna.
S: naon ari ngarana kaum murji’ah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen migawe ma’siat (kadorakaan) teu mere madarat lamun geus iman, sakumaha ka aya an migawe kahadean teu mere manfa’at lamun kafir.
S: naon ari ngarana kaum najariyah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen pagawean manusa eta makhluk, tegesna dijadikeun ku alloh tatapi maranehanan boga fahaman yen shifat alloh the teu aya.
S: naon ari ngarana kaum jabariyah teh?
J: nyaeta :
Kaum anu boga fahaman yen hiji hamba nyaeta teu boga daya upaya (kapaksa), kasab atawa usahana teu aya sama sakali, jeung dimana-mana hiji hamba migawe ma’siyat samata-mata alloh nu ngalakonana.
S: naon ari ngarana kaum musyabbihah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen aya kasarupaan alloh jeung makhluk, saperti aya panangan, sampean, calik di kursi, naek tangga, turun tangga jeung sajabina.
S: naon ari ngaran ahli sunnah wal-jama’ah teh?
J : ari ngaran ahli sunnah wal jama’ah teh nyaeta hiji golongan umat islam anu satekad dina hakekat, salampah dina thorekat  saucap dina syare’at jeung kanjeng nabi tur para sohabatna.
S: Naha aya sabaraha ari golongan ahli sunnah wal-jama’ah teh?
J : ari golongan ahli sunnah wal-jamah eta aya dalapan golongan.
S : naon hiji-hijina?
J : nyeta :
ka hiji golongan imam-imam ‘adzhom jeung kholifah-kholifah anu islam.
ka dua golongan imam mujtahid.
ka tilu golongan ulama ahli hadits.
ka opat golongan ulama ahli elmu adab (elmu nahwu, elmu shorof, elmu lughoh jsb).
ka lima golongan ulama ahli qiro’ah jeung ahli tafsir.
ka genep golongan ulama ahli tashouf.
ka tujuh golongan muslimin nu paraham kana elmu aqoid, elmu fiqih, jeung elmu tashouf.
ka dalapan golongan jalma nu islam nu aya dikampung na masing-masing, nu ngaraji kana elmu aqoid, elmu fiqih jeung elmu tashouf.
Sakumaha dina iyeu nadzhoman:
ARI GOLONGAN NU BAKAL SALAMET MAH # TETELANA AHLI SUNNAH WAL JAMA’AH.
NYATA SATEKAD SALAMPAH SAUCAPNA # JEUNG KANJENG NABI TUR PARA SOHABATNA.
NGARAN GOLONGAN NU BAKAL SALAMET TEH # NYAETA GOLONGAN ASYA’IROH KABEH.
NYATANA IMAM NU NGURUS DINA USHUL # URUSAN TEKAD SANGKAN TETEP NA WUSHUL.
ARI LOBANA GOLONGAN ASYA’IROH # HIJI GOLONGAN DISELIRNA KU ALLOH.
GOLONGAN AHLI SUNNAH KABAGI DEUI # JADI DALAPAN GOLONGAN SING KAHARTI.
KAHIJI GOLONGAN IMAM-IMAM ‘ADZHOM # REUJEUNG KHOLIFAH-KHOLIFAH ANU ISLAM.
NU CUKUP DINA ELMU USHULUDIN NA # NYAKITU ELMU FIQIH GE TASHOUFNA.
SAKUMAHA AQOIDNA KANJENG NABI # JEUNG SHOBAT-SHOHABATNA NU NGALARTI.
NU DISEBUT THOREKAT MUTAKALIMIIN # NU NEUTEPKEU KANA SHIFAT ALLOH YAKIN.
SARTA BERSIH TINA ELMU NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
KADUA GOLONGAN IMAM MUJTAHIDNA # SACARA GOLONGAN IMAM SYAFI’INA.
IMAM MALIKI, HANAFI, HAMBALI  # AWZA’I, SURI, ABI LAELA NA.
NU AQOID NA PERKARA BANGSA AKAL # NEUTEPKEUN WAJIB,MUHAL, WEUNANG CEUK AKAL.
JEUNG SUCI TINA BID’AH ELMU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PILUH DUA NA.
TILU GOLONGAN AHLI HADITS SHOHEHNA # NU CUKUP ELMU HADITS JEUNG SAGALANA.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
OPAT GOLONGAN AHLI ELMU ADAB NA # NYA IMAM ELMU NAHWU, SHOROF, LUGOHNA.
SACARA IMAM KHOLIL, IMAM SIBAWEH # NYA PARA IMAM-IMAM AHFASNA KABEH.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
LIMA GOLONGAN ULAMA QIRO’AH, TAFSIR # ANU TA’WILNA MUFAKAT TEU NGAGINGSIR.
KANA MADZHAB-MADZHAB IMAM BAHEULA NA # PERTELA TEU SULAYA TEU GAGABAHNA.
JEUNG TEU KACAMPURAN TA’WIL NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
GENEP GOLONGAN TASHOUF AHLI ZUHUD  # NU CUKUP ELMU USHULNA HEUNTEU PAGUJUD.
JEUNG THOREKAT NA THOREKAT MU’TABAROH  # SAJALUR WASIAT REUJEUNG WALIYULLOH.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
TUJUH GOLONGAN MUSLIMIN NU PARAHAM # NA AQOID, FIQIH, TASHOUF TEU HAM-HAM.
NU NGAKURAN FAHAMAN HADITS NABINA # JEUNG FAHAMAN ‘ULAMA NU BAHEULANA.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
DALAPAN GOLONGAN JALMA NU ISLAM NA  # NU AYA DITEMPAT-TEMPAT KEUR MUKIM NA.
NU NGARAJI AQOID SARENG FIQIHNA # OGE TASHOUF TINA KITAB HADITSNA
JEUNG TEU KACAMPURAN ELMU NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
TAH NU DALAPAN GOLONGAN SING KA FAHAM # SUPAYA JADI UMAT NABI TEU HAM-HAM.
NYA IYEU TUKILAN RISALAH WEUKASAN # MUGI ALLOH MAPARINAN KA WEULASAN.


-pamugi sing aya kamanfa’atan tur berkah-
-khususna kangge sim kuring-
-umumna ka sadayana nu ngaosan iyeu cacarakan-

-AAMIIN YAA ROBBAL ‘ALAMIIN-

Tidak ada komentar: