Sabtu, 30 Agustus 2014

CACARAKAN 'AQOIDUL IMAN

IEU NADZOM ‘AQOID KENGING TERJEMAH TINA KITAB TIJAN, SINAREUNG KENGING NUKIL TINA NADZOMAN ‘AQOID NA MAMA K.H ENGKING NURON IBNU K.H .MUHAMMAD DIMYATI PAMEUTINGAN BANJARAN. ANU KATAMPI KU AL-FAQIR TI PANGEURSA K.H TOHA IBNU MAMA ENJUM HEGAR SARI BANJARAN OGE KENGING NUKIL TINA NADZOMAN ‘AQOID NA PANGEURSA K.H ADANG BADRUDIN WANAYASA PURWAKARTA.

BISMILLAHIR ROHMAANIR ROHIIM.
ALHAMDULILLAHI WAHDAH. WASH-SHOLAATU WAS-SALAAMU ‘ALA MAN LAA NABIYA BA’DAH. WA LAA YUU JADUL-MAKHLUQ ILLAA BIH. WA ‘ALAA AALIHII WA ASHHAABIH.

QOOLA IBNU RUSLAN FI ZUBADIHI.

AWWALU WAA JIBIN ‘ALAL-INSANI # MA’RIFATUL ILLHI BISTIQOONI.
PANGHEULANA ANU WAJIB KAMANUSA # NYAHOO NU SEMBAH NGALAP DALIL BISA.
HARTINA ISTIQON BENTES TEURANGNA # MA’ARIFAT KA ALLOH TEU AYA RUMEUK NA.
ARI JALAN NA MA’RIFAT NU PERLU # NGANYAHOKEUN HUKUM HELA ANU TILU.
HUKUM AKAL, HUKUM ’ADAT, HUKUM SYARA’ # POMA PISAN NGAJI ULAH LALAWORA.

Ari fadhilah na diajar ngaji elmu tauhid dina waktu sajam eta di hampura dosa 60 tauneun. Sabab na ngaji elmu tauhid pangna kudu diheulakeun  ku sabab urang rek nyembah teh kudu teurang hela anu disembahna. Sakumaha pidawuhna alloh dina alqur’an surat alfaatihah IYYAKA NA’BUDU W IYYAKA NASTA’IIN, sareung dawuhan alloh dina surat albaqoroh ayat ka 21. YAA AYYUHANNAASU’BUDUU ROBBAKUMUL-LADZII KHOLAQOKUM WAL-LADZIINA MIN QOBLIKUM LA’ALLAKUM TAT-TAQUUN. Oge sakumaha kateurangan hadits shoheh imam muslim: FA’LAMUU AYYUHAN-NAASU LIANNAL ASHLA WAL USAASA HUWA MA’RIFATUL MA’BUDI QOBLAL ‘IBADATI.
Ari seueurna ‘aqoid iman eta aya 50 anu mana kabagi kana dua pokok:
1 AQOID IMAN KA ALLOH:
  1. 20 nu wajib di alloh.
  2. 20 nu mustahil di alloh.
  3. 1 nu weunang di alloh.
Janteun jumlah na 41.
2 AQOID IMAN KA RUSUL:
  1. 4 nu wajib di rusul.
  2. 4 nu mustahil di rusul.
  3. 1 nu weunang di rusul.
Janteun jumlah na 9.

TAH IEU NADZHOMAN ‘AQOID IMAN NU 50 TEH, DI LAYANKEUN SAREUNG HARTOS NA. PAMUGI CING BERKAH KANU NGARAOS NA. AAMIIN.
BISMILLAH NGAWITAN LISAN # REK NYEUBARKEUN KATUHANAN.
GUSTI ALLOH PANJEUNEUNGAN # KAWEUNTAR TUR ASIH PISAN.
ALHAMDULILLH PAMUJI # KA GUSTI ALLOH SAHIJI.
RAHMAT SALAM KAJENG NABI # OGE SINARENG ASHABI.
AMMA BA’DU SABA’DA NA # URANG TEH WAJIB TERANG NA.
KA GUSTI ALLOH SIFAT NA # NU WAJIB JEUNG NU MUHAL NA.
DUA PULUH NU WAJIB NA # DUA PULUH NU MUHAL NA.
NGAN HIJI SIFAT WEUNANG NA # PAT PULUH HIJI JUMLAH NA.
DINA IEU ELMU USHUL # TAMBA BINGUNG OSOK NGU’UL.
OPAT NU WAJIB DI RUSUL # OPAT NU MUHAL ULAH CUL.
NU WEUNANG NA HIJI BAE # SANAOS DI RUSUL OGE.
TAFSIR NA ENGKE PEURLENTE # NGAOSNA SING SAE-SAE.

‘AQOID IMAN KA ALLOH TA’ALA SIFAT NU WAJIB SAREUNG NU MUHAL NA:
1.             HIJI WAJIB WUJUD # MUHAL ALLOH ‘ADAM
HARTOSNA ALLOH AYA # MUSTAHIL ALLOH TEU AYA
2.             DUA WAJIB QIDAM # MUHAL ALLOH HUDUTS
HARTOSNA ALLOH TIHEULA # MUSTAHIL AYA ANYAR NA
3.             TILU WAJIB BAQO # MUHAL ALLOH FANA
HARTOSNA ALLOH LANGGEUNG # MUSTAHIL AYA RUKSAK NA
4.             OPAT  WAJIB MUKHO # LAFATU LIL HAWADITSI
MUHAL ALLOH ETA # ANU MUMATSALAH
HARTOSNA ALLOH BEDA # JEUNG SAKABEH NU ANYAR
MUSTAHIL ALLOH ETA # SARUA REUJEUNG NU ANYAR
5.             LIMA WAJIB QIYA MUHU BI NAFSIHI # MUHAL ALLOH ETA IHTIYAJ BI GHOIRIHI
HARTOSNA ALLOH NGADEUG # KALAWAN DZAT ANJEUN NA
MUSTAHIL ALLOH BUTUH # KANA DZAT LIYAN NA
6.             GEUNEUP WAHDANIYAT # MUHAL TA’ADUDAAT
HARTOSNA ALLOH NUNGGAL # MUSTAHIL NU BINGBILANGAN
7.             TUJUH WAJIB QUDROT # MUHAL ALLOH ‘AJAZAH
HARTOSNA ALLOH KAWASA # MUSTAHIL AYA APEUS NA
8.             DALAPAN WAJIB IRODAT # MUHAL ALLOH KAROHAH
HARTOSNA ALLOH KEURSA # MUSTAHIL ALLOH KAPAKSA
9.             SALAPAN WAJIB ‘ILMU # MUHAL ALLOH JAAHIL
HARTOSNA ALLOH UNINGA # MUSTAHIL AYA BODO NA
10.          SAPULUH WAJIB HAYAT # MUHAL ALLOH MAOT
HARTOSNA ALLOH JUMEUNEUNG # MUSTAHIL AYA MAOT NA
11.          SABEULAS WAJIB SAMA’ # MUHAL ALLOH ASHOM
HARTOSNA ALLOH NGARUNGU # MUSTAHIL HEUNTEU NGARUNGU
12.          DUA BEULAS WAJIB BASHOR # MUHAL ALLOH A ‘MA
HARTOSNA ALLOH NINGALI # MUSTAHIL HEUNTEU NINGALI
13.          TILU BEULAS WAJIB KALAM # MUHAL ALLOH BAKAM
HARTOSNA ALLOH NGANDIKA # MUSTAHIL HEUNTEU NGANDIKA
14.          OPAT BEULAS QOWNUHU QOODIROON # MUHAL QOWNUHU ‘AJIZAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU KAWASA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU APEUS (2x)
15.          LIMA BEULAS QOWNUHU MURIDAN # MUHAL QOWNUHU KAARIHAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU KEURSA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU KAPAKSA (2x)
16.          GEUNEUP BEULAS QOWNUHU ‘ALIMAN # MUHAL QOWNUHU JAAHILAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU UNINGA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU BODO (2x)
17.          TUJUH BEULAS QOWNUHU HAYYAN # MUHAL QOWNUHU MAYYITAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU HIRUP
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU MAOT(2x)
18.          DALAPAN BEULAS QOWNUHU SAMI’AN # MUHAL QOWNUHU ASHOMA
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NGARUNGU
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NGARUNGU (2x)
19.          SALAPAN BEULAS QOWNUHU BASHIROON # MUHAL QOWNUHU ‘UMYAAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NINGALI
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NINGALI (2x)
20.          DUA PULUH QOWNUHU MUTAKALLIMAAN # MUHAL QOWNUHU BUKMAAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NGANDIKA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NGANDIKA (2x)

‘AQOID IMAN KA ALLOH TA’ALA SIFAT NU WEUNANG NA:
ARI SIFAT ANU WEUNANG # DI GUSTI ALLOH SING TEURANG
ETA HIJI HEUNTEU MANG-MANG #ETA URANG WAJIB TEURANG
NYATANA FI’LU MUMKININ # REUJEUNG WA TARKU MUMKININ
WEUNANG ALLOH DAMEUL MUMKIN # WEUNANG TINGAL DAMEUL MUMKIN

‘AQOID IMAN KA PARA ROSUL NA ALLOH TA’ALA SIFAT ANU WAJIB SAREUNG ANU MUHAL NA:
SIFAT NU WAJIB DI RUSUL # JALMA AGUNG ANU PUNJUL
OPAT NU WAJIB NA WUNGKUL# JEUNG OPAT NU MUSTAHIL
REUJUNG HIJI NU WEUNANG NA # JUMLAH SALAPAN KABEH NA
SAKITU SIFAT-SIFAT NA NABI RUSUL SADAYANA.
HIJI WAJIB SHIDIQ # MUHAL RUSUL KIDZIB
HARTOSNA RUSUL BEUNER # MUSTAHIL RUSUL TEU BEUNER
DUA WAJIB AMANAT # MUHAL RUSUL KHIYANAT
HARTOSNA KAPEURCAYA # MUSTAHIL DI RUSUL CIDRA
TILU WAJIB TABLIGH # MUHAL RUSUL KITMAN
HARTOSNA NGADONGKAPKEUN  # MUSTAHIL RUSUL NYUMPUTKEUN
OPAT WAJIB FATHONAH # MUHAL RUSUL BALADAH
HARTOSNA RUSUL PINTEUR # MUSTAHIL AYA BEULEUT NA

‘AQOID IMAN KA PARA ROSUL NA ALLOH TA’ALA SIFAT ANU WEUNANG NA:
SIFAT NU WEUNANG DI RUSUL # HIJI A’ROD BASYARIYAH
NYAETA SIFAT KAMANU # SA AN NU TEU NGADATANGKEUN
KANA SIFAT KA KURANGAN # DINA MARTABAT NA RUSUL (2X)

JUMLAH SAKABEH ‘AQOID IMAN :
JUMLAH KABEH ‘AQOID NA # LIMA PULUH SADAYANA
SING APAL HIJI-HIJI NA # ULAH POHO SALILANA
‘AQOID NU LIMA PULUH # LAMUN CAN DI ‘ITIQODKEUN
IBADAH CAN DI TARIMA # SABAB TACAN SAH IMAN NA

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILNGAN PARA MALAIKAT
Ari nama malaikat eta pirang-pirang jisim lathif anu bangsa cahaya. Sanes istri sanes pameugeut teu ibuan teu ramaan tara tuang tara ngaleu eu. Minangka katuangan nana eta ngaos tasbih sareung muji ka alloh sareung tiasa ngajajah kanu teubih ku mangsa anu sakeudap sareung tara doraka ka gusti alloh. Oge ari maot eta weunang di malaikat . ari seueurna para malaikat anu wajib di kanyohokeun eta aya sapuluh:
  1. malaikat jibril tukang nurunkeun wahyu
  2. malikat mikail tukang nurunkeun hujan
  3. malaikat isrofil tukang niup song-song
  4. malikat ‘izroil tukang nyabut nyawa kasakur-sakur anu nyawaan
  5. malaikat munkar tukang mariksa mayit di jero kubur
  6. malaikat nakir tukang mariksa mayit di jero kubur
  7. malaikat roqib tukang nuliskeun ‘amal sae di palih katuhu
  8. malaikat ‘atid tukang nuliskeun ‘amal awon di palih kiwa
  9. malaikat malik tukang juru kunci naraka
  10. malaikat ridhwan tukang juru kunci sawarga

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILANGAN KITAB
Ari seu eur na kitab eta aya saratus opat kitab, anu 104 kitab ieu di turunkeun ka 8 para nabi.
  1. 10 kitab diturunkeun ka nabi adam
  2. 50 kitab diturunkeun ka nabi sis
  3. 30 kitab diturunkeun ka nabi idris
  4. 10 kitab diturunkeun ka nabi ibrohim
Jadi jumlah 100 kitab
Ari anu wajib di kanyahokeun nana eta aya 4 kitab :
  1. kitab tauret diturunkeun ka nabi musa bahasa kitab na ibroni
  2. kitab zabur diturunkeun ka nabi daud bahasa kitab na qibti
  3. kitab injil diturunkeun ka nabi ‘isa bahasa kitab na suryani
  4. kitab alqur an diturunkeun ka nabi Muhammad S.A.W. bahasa kitab na arab

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILANGAN NABI JEUNG ROSUL
Ari nami rosul eta jalma pameugeut anu salameut tina cacad anu neurdeka anu tosdi pasihan wahyu ku gusti alloh pikeun lakonaneun anjeunna sareung umat na.
Ari nami nabi eta jalma pameugeut anu salameut tina cacad anu neurdeka anu tosdi pasihan wahyu ku gusti alloh pikeun lakonaneun anjeunna.
Ari seueurna rosul ceuk sakaol eta aya 313, ceuk sakaol 314, jeung ceuk sakaol deui 315. Ari seueurna nabi  eta aya 124.000. tapi anu wajib dikanyahokeun na mah aya 25 nabi jeung rosul. Nyaeta:
  1. Nabi adam A.S
  2. Nabi idris A.S
  3. Nabi nuh A.S
  4. Nabi hud A.S
  5. Nabi soleh A.S
  6. Nabi ibrohim A.S
  7. Nabi luth A.S
  8. Nabi ismail A.S
  9. Nabi ishaq A.S
  10. Nabi ya’kub A.S
  11. Nabi yusuf A.S
  12. Nabi ayub A.S
  13. Nabi su’aeb A.S
  14. Nabi harun A.S
  15. Nabi musa A.S
  16. Nabi ilyasa A.S
  17. Nabi dzulkifli A.S
  18. Nabi daud A.S
  19. Nabi sulaiman A.S
  20. NabI ilyas A.S
  21. Nabi yunus A.S
  22. Nabi zakariya A.S
  23. Nabi yahya A.S
  24. Nabi ‘isa A.S
  25. Nabi Muhammad S.A.W
ANU DI KUMPULKEUN DINA IEU NADZHOMAN :
ADAM  IDRIS NUH # HUD SOLEH IBROHIM
LUTH ISMAIL ISHAQ # YA’KUB YUSUF AYUB
SU’EB HARUN MUSA # ILYASA DZULKIFLI
DAUD SULAIMAN # ILYAS  NABI YUNUS
NABI ZAKARIYA YAHYA # ‘ISA NABI MUHAMMAD
SHOLLALLOH ‘ALAIHI # WASALLAMA ‘ALAIHIM

FASAL BUAT NEURANGKEUN SILSILAH KANGJEUNG NABI MUHAMMAD S.A.W
Ari putra kangjeung nabi eta aya 7, nyaeta pameugeut 3, istri 4.
1.     Sayyid ibrohim
2.     Sayyid qosim
3.     Sayyid ‘abdulloh
4.     Siti fatimah
5.     Siti zaenab
6.     Siti ruqoyah
7.     Siti ummi kultsum.
Ari garwa na kangjeung nabi eta aya 11 nyaeta:
1.     Siti khodijah
2.     Siti ‘aisyah
3.     Siti hafshoh
4.     Siti hindun
5.     Siti shofiyah
6.     Siti maemunah
7.     Siti romlah
8.     Siti juwairiyah
9.     Siti zaenab
10.  Siti sawdah
11.  Siti zaenab ummi kultsum
Ari putu na kangjeung nabi eta aya 2 nyaeta :
  1. sayyid hasan
  2. sayyid husen
Ari paman na kangjeung nabiti arah rama na eta aya 12, tapi anu iman mah mung aya 2 nyaeta:
  1. sayyid hamzah
  2. sayyid ‘abas
Ari bibi na kangjeung nabi ti arah rama na eta aya tapi ari anu iman mah mung aya 3 nyaeta:
  1. siti shofiyah
  2. siti ‘aykah
  3. siti arwah
Ari paman na kangjeung nabi ti arah ibu na eta aya 3 nyaeta:
  1. aswad
  2. ‘umar
  3. ‘abdul yakus
Ari bibi na ti arah ibu na eta aya 2 nyaeta;
  1. siti farishoh
  2. siti fahitah
Ari sapalih juru laden na kangjeung nabi eta aya 6 nyaeta:
  1. anas
  2. bilal
  3. ummu ayman
  4. mariyah
  5. halimah
  6. suwaibah
eta sadayana maraot na di zaman perang.
Ari silsilah kangjeung nabi ti arah rama na sareung ibu na di kumpulkeun di ieu nadzhoman :
WAJIB TEURANG URANG SADAYA # NASAB KANGJEUNG ANU MULYA
TI LEUBAH JIHAT IBUNA # SAREUNG TI JIHAT RAMANA
KANGJEUNG NABI TEH RAMANA # SAYYID ABDULLOH WASTANA
SAYYID ABDULLOH RAMANA # ABDUL MUTHOLIB NEULAHNA
ABDUL MUTHOLIB TEH PUTRA # TI SAYYID HASYIM GEUS NYATA
SAYYID HASYIM OGE PUTRA # TI SAYYID ABDI MANAF
ABDI MANAF PUTRA QUSHOY # QUSHOY TEH PUTRA NA KILAB
KILAB GE PUTRA NA MURROH # MURROH MAH PUTRA TI KA’AB
KA’AB TEH PUTRA TI LU.AY # LU.AY BIN GHOLIB BIN FIHIR
FIHIR BIN MALIK BIN NADHOR # NADHOR PUTRANA KINANAH
KINANAH BIN KHUZAIMAH # KHUZAIMAH PUTRA MUDRIKAH
MUDRIKAH PUTRANA ILYAS # ILYAS TEH PUTRANA MUDHOR
MUDHOR BIN NIZAR BIN MA’AD # MA’AD TEH PUTRNA ‘ADNAN
TAH SAKITU SADAYANA # NASAB NABI TI RAMANA
ARI NASAB TI IBUNA # JEUNG NABI PUTRA AMINAH
AMINAH PUTRA TI WAHAB # WAHAB PUTRA ‘ABDI MANAF
‘ABDI MANAF PUTRA ZUHROH # ZUHROH TEH PUTRANA KILAB
DI KILAB MAH TOS NGAHIJI # SAREUNG TI JIHAT RAMANA
Ari gusti abdi teh kangjeung nabi Muhammad bin abdulloh, di peudalkeun di mekkah, di utus na di mekkah, teras ngalih ka madinah, wafat di madinah, di peundeum di madinah, di bumi siti a’aisyah. Ramana sayid abdulloh, ibuna siti aminah.

KITAB SAFINATUN-NAJA (FASAL AB'ADH SHOLAT)

(FASAL SUNAH AB’ADH SHOLAT)

FASHLUN: ari ieu eta hiji fasal. AB’ADHUSH-SHOLATI: ari pirang-pirang sunat ab’adhna sholat. (eta) SAB’ATUN: aya tujuh ATTASYAHHUDUL-AWWALU: kahiji tasyahud awal. WA QU’UDUHU: kadua diuk dina tasyahud awal. WASH-SHOLATU ‘ALAN-NABIYYI: katilu maca sholawat ka kanjeng nabi. FIHI: dina diuk tasyahud awal. WASH-SHOLATU: ka opat maca sholawat. ‘ALAL-ALI: ka kulawargina kanjeng nabi. FIT-TASYAHHUDIL-AKHIRI: dina tasyahud akhir. WAL-QUNUTHU: kalima qunut. WA QIYAMUHU:ka geuneup nangtung dina qunut. WASH-SHOLATU: sareng maca sholawat. WAS-SALAMU: sareng maca salam. ‘ALAN-NABIYYI: ka kanjeng nabi. WA ALIHI: jeung ka kulawargi kanjeng nabi. WASH- SHOHBIHI: jeung ka shohabatna kanjeng nabi. FIHI: dina qunut.

Kasimpulan:
(39) Ari bingbilangan sunat ab’ad eta aya tujuh:
1)   Tasyahud awal
2)   Diuk dina tasyahud awal.
3)   Maca Sholawat ka kangjeng nabi Muhammad SAW dina tasyahud awal.
4)   Maca Sholawat ka kulawarga kangjeng nabi dina tasyahud akhir.
5)   Qunut.
6)   Nangtung dina qunut.
7)   Maca Sholawat jeung Salam ka kanjeng nabi Muhammad SAW, ka kulawarga jeung sohabat dina qunut.
Bahasan:
Sunah ab’adl Sholat eta aya tujuh, namung sateuacan ngarinci hiji-hijina, langkung tipayun urang ta’rifan hela sunnah ab’adh. Ari Definisi sunnah ab’adh nyaeta rukun-rukun sholat anu sunnah dilaksanakeun, tur lamun ditinggal kusabab poho atanapi liana, maka disunnahkeun sujud sahwi anu jadi gaganti tina rukun anu tos ditinggalkeun.
Kahiji, Tasyahud awal.
Kadua, Diuk dina tasyahud awal.
Katilu, Maca Sholawat ka kangjeng nabi Muhammad SAW dina tasyahud awal. Lamun dina nalika ngalaksanakeun sholat berjama’ah, imam ngantunkeun atanapi heunteu ngalaksanakeun tasyahhud awal, maka ma’mum teu meunang ngalaksanakeun tasyahhud, tur ma’mum kudu anut ka imam.
Kaopat, Maca Sholawat ka kulawarga kangjeng nabi dina tasyahud akhir.
Kalima, maca qunut dina sholat subuh, jeung maca qunut dina sholat witir di pertengahan akhir bulan Romadhon. Beda deui jeung qunut nazilah anu disunnahkeunn dina satiap sholat. Ari ngaran Qunut nyaeta dzikir tertentu anu ngawengku kana du’a jeung pujian ka Alloh, sapertos;
.
“ALLOOHUMMAHDINII FIIMAN HADAITA, WA ‘AAFINII FIIMAN ‘AAFAITA, WA TAWALLANII FIIMAN TAWALLAITA, WA BAARIKLII FIIMAA A’THOITA, WA QINII BIROHMATIKA SYARRO MAA QODHOITA, FAINNAKA TAQDHII WA LAA YUQDHO ‘ALAIKA, WA INNAHU LAA YADZILLU MAN WALAITA, WA LAA YA’IZZU MAN ‘AADAITA, TABAAROKTA ROBBANAA WA TA’AALAITA, FALAKAL HAMDU ‘ALA MAA QODHOITA, ASTAGHFIRUKA WA ATUUBU ILAIKA, WA SHOLLALLOOHU ‘ALAA SAYYIDINAA MUHAMMADININ-NABIYYIL-UMMIYYI WA ‘ALAA AALIHI WA SHOHBIHI WA SALLIM”
Atanapi rangkaian do’a-do’a qunut anu sejenna.
Ari lafadz qunut akar katana tina qonata anu artina patuh dina ngabdi (ka Alloh). Dina Islam, qunut ka bagi jadi dua, kahiji, qunut nazilah nyaeta  qunut anu  dilakukeun atanapi dibaca dina nalika aya bencana. Jeung dilakukeun iraha bae tur Sholat naon bae. kadua: qunut sholat nyaeta qunut anu dibaca dina nalika i’tidal (ngadeug saba’da ruku’) satiap akhir roka’at dina sholat subuh jeung Sholat whitir (kalawan umum) sabab dina masalah qunut anu iyeu para imam jeung ulama mazhab ikhtilaf (berbeda pendapat) ngeuna.an pelaksanaanna. Namung numutkeun ajengan mushonif kitab Safinah an-Najah anu bermadzhab as-Syafi’iyah teuteup nganggap yen qunut eta sunnah dilaksanakeunana. Sedeungkan ari hukum doa qunut eta Sunnah ab’adh atanapi sunnah anu diperkuat.
Ka geuneup, ngalaksanakeun qunut kalawan bari nangtung.
Ka tujuh, Maca Sholawat jeung Salam ka kanjeng nabi Muhammad SAW, ka kulawarga jeung sohabat dina qunut.
Fasal Sunah ab’adl Sholat.
Sunah ab’adl dina sholat aya tujuh # hiji tahiyat dina anu awalna
Dua diuk dina tahiyyat awalna # tilu sholawat ka nabi na tahiyyat.
Opat sholawat ka ALII na tahiyyat # anu akhir lain dina nu awalna.
Lima qunut kageneup reujeung nangtungna # dina eta kolom sunah ab’adna.

Tujuh sholawat jeung salam ka nabina # ka wargina jeung shohabat na qunutna.