(FASAL
SUNAH AB’ADH SHOLAT)
FASHLUN: ari ieu eta hiji fasal. AB’ADHUSH-SHOLATI: ari pirang-pirang
sunat ab’adhna sholat. (eta) SAB’ATUN:
aya tujuh ATTASYAHHUDUL-AWWALU:
kahiji tasyahud awal. WA QU’UDUHU:
kadua diuk dina tasyahud awal.
WASH-SHOLATU ‘ALAN-NABIYYI: katilu maca sholawat ka kanjeng nabi. FIHI: dina diuk tasyahud awal. WASH-SHOLATU: ka opat maca sholawat. ‘ALAL-ALI: ka kulawargina kanjeng
nabi. FIT-TASYAHHUDIL-AKHIRI:
dina tasyahud akhir. WAL-QUNUTHU:
kalima qunut. WA QIYAMUHU:ka
geuneup nangtung dina qunut. WASH-SHOLATU:
sareng maca sholawat. WAS-SALAMU:
sareng maca salam. ‘ALAN-NABIYYI:
ka kanjeng nabi. WA ALIHI: jeung
ka kulawargi kanjeng nabi. WASH-
SHOHBIHI: jeung ka shohabatna kanjeng nabi. FIHI: dina qunut.
Kasimpulan:
(39) Ari bingbilangan sunat ab’ad eta
aya tujuh:
1) Tasyahud awal
2) Diuk dina tasyahud awal.
3) Maca Sholawat ka kangjeng nabi Muhammad SAW
dina tasyahud awal.
4) Maca Sholawat ka kulawarga kangjeng nabi dina
tasyahud akhir.
5) Qunut.
6) Nangtung dina qunut.
7) Maca Sholawat jeung Salam ka kanjeng nabi
Muhammad SAW, ka kulawarga jeung sohabat dina qunut.
Bahasan:
Sunah ab’adl Sholat eta aya tujuh, namung
sateuacan ngarinci hiji-hijina, langkung tipayun
urang ta’rifan hela sunnah ab’adh. Ari Definisi sunnah ab’adh nyaeta
rukun-rukun sholat anu sunnah dilaksanakeun, tur lamun ditinggal kusabab poho
atanapi liana, maka disunnahkeun sujud sahwi anu jadi gaganti tina rukun anu
tos ditinggalkeun.
Kahiji, Tasyahud awal.
Kadua, Diuk dina tasyahud awal.
Katilu, Maca Sholawat ka kangjeng nabi
Muhammad SAW dina tasyahud awal. Lamun dina nalika ngalaksanakeun sholat
berjama’ah, imam ngantunkeun atanapi heunteu ngalaksanakeun tasyahhud awal,
maka ma’mum teu meunang ngalaksanakeun tasyahhud, tur ma’mum kudu anut ka imam.
Kaopat, Maca Sholawat ka kulawarga
kangjeng nabi dina tasyahud akhir.
Kalima, maca qunut dina sholat subuh,
jeung maca qunut dina sholat witir di pertengahan akhir bulan Romadhon. Beda
deui jeung qunut nazilah anu disunnahkeunn dina satiap sholat. Ari ngaran Qunut
nyaeta dzikir tertentu anu ngawengku kana du’a jeung pujian ka Alloh, sapertos;
.
“ALLOOHUMMAHDINII FIIMAN HADAITA, WA
‘AAFINII FIIMAN ‘AAFAITA, WA TAWALLANII FIIMAN TAWALLAITA, WA BAARIKLII FIIMAA
A’THOITA, WA QINII BIROHMATIKA SYARRO MAA QODHOITA, FAINNAKA TAQDHII WA LAA
YUQDHO ‘ALAIKA, WA INNAHU LAA YADZILLU MAN WALAITA, WA LAA YA’IZZU MAN
‘AADAITA, TABAAROKTA ROBBANAA WA TA’AALAITA, FALAKAL HAMDU ‘ALA MAA QODHOITA,
ASTAGHFIRUKA WA ATUUBU ILAIKA, WA SHOLLALLOOHU ‘ALAA SAYYIDINAA
MUHAMMADININ-NABIYYIL-UMMIYYI WA ‘ALAA AALIHI WA SHOHBIHI WA SALLIM”
Atanapi rangkaian do’a-do’a qunut anu
sejenna.
Ari lafadz qunut akar katana tina qonata
anu artina patuh dina ngabdi (ka Alloh). Dina Islam, qunut ka bagi jadi dua, kahiji,
qunut nazilah nyaeta qunut anu dilakukeun atanapi dibaca dina nalika aya
bencana. Jeung dilakukeun iraha bae tur Sholat naon bae. kadua:
qunut sholat nyaeta qunut anu dibaca dina nalika i’tidal (ngadeug
saba’da ruku’) satiap akhir roka’at dina sholat subuh jeung Sholat whitir
(kalawan umum) sabab dina masalah qunut anu iyeu para imam jeung ulama
mazhab ikhtilaf (berbeda pendapat) ngeuna.an pelaksanaanna. Namung numutkeun
ajengan mushonif kitab Safinah an-Najah anu bermadzhab as-Syafi’iyah teuteup
nganggap yen qunut eta sunnah dilaksanakeunana. Sedeungkan ari hukum doa qunut
eta Sunnah ab’adh atanapi sunnah anu diperkuat.
Ka geuneup, ngalaksanakeun qunut
kalawan bari nangtung.
Ka tujuh, Maca Sholawat jeung Salam ka
kanjeng nabi Muhammad SAW, ka kulawarga jeung sohabat dina qunut.
Fasal Sunah ab’adl Sholat.
Sunah ab’adl dina sholat aya tujuh #
hiji tahiyat dina anu awalna
Dua diuk dina tahiyyat awalna # tilu
sholawat ka nabi na tahiyyat.
Opat sholawat ka ALII na tahiyyat #
anu akhir lain dina nu awalna.
Lima qunut kageneup reujeung
nangtungna # dina eta kolom sunah ab’adna.
Tujuh sholawat jeung salam ka nabina #
ka wargina jeung shohabat na qunutna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar